Selasa, 16 Februari 2010

Khutbah 'Ied Sunda

Alloh maha agung, lain agung ku punjung, agung sajatining agung, teu aya pangeran anging alloh nu maha hiji tur maha tunggal. Hiji taya babagian, tunggal teu aya nu nyaruwaan, tunggal teu aya bingbilangan. Alloh nu kagungan puji, pamuji anu maruji, puji dijurung ku bukti, nu ngadamel langit jeung bumi, rahmatna nyebar abadi, Nun Alloh nu maha agung abdi muslimin sadaya hambana Gusti. nyanggakeun sa agunging puji, mugi rahmat salam puji dilebrehkeun ka kangjeng Nabi Muhammad SAW kakasih gusti sareng kakulawargina kasadaya sohabatna.

Para Saderek Kaun Muslimin anu Mulya

Gumuruhna bacaan takbir, tahmid, jeung tahlil salam dunya ti mimiti surup panon poe peuting tadi, poe ieu the poe Idul Fitri. Poe pang hormatkanu tos nyucikeun diri. Poe ieu poe agung ngagungkeun nu maha agung, Muslimin dimana bae pada ngucapkeun takbir malah ti peuting keneh boh di masjid, di mushola, di tajug matak wa’as kadanguna rus-ras ngahudangkeun ka wa’as, Melas-melis nghudangkeun rasa rumasa, nyoreang mimiti lahir bari aya keneh indung bapak nepi ka mangsa kiwari, dipupruk ni’mat ilahi ari awak gawe ngan lali ibadah ka Luli-luli. Poe ieu poe bagja sajaba rengse puasa, urang pada ngalubarkeun dosa bari jeng silaturrahmi ngadeukeutkeun duduluran, sempal guyon bubungahan ngawujudkeun persatuan jeung kasatuan tur katentraman.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar

Alloh maha bijaksana ngayakeun poe lebaran supaya urang ngaweuteuhkeun kalayeutan reujeung karepeh rapihan, da memang kitu pisan anu dituju ayana persatuan jeung kasatuan, bari aya karidloan pangeran gusti Alloh nu maha heman.

Para Saderek kaum Muslimin anu Mulya

Idul Fitri teh poe pesta, pesta kasucian jiwa suci dina paniatan, pageuh dina kaimanan, nyucikeun kokotor hate. Ngaleungitkeun ujub, riya jeung sum’ah, takabur jeung silih curiga, hasud, dengki, koret jeung sakabeh panyakit hate nu jadi bibit pasea, kembangna papaseaan bibit buit kariweuhan, ku puasa jeung idul fitri di bersihkeun. Numatak rengse puasa wajib mayar zakat fitrah, pikeun tanda puasa aya hasilna, bari lain eta bae hareupaneun bulan syawal jeung mangsa satuluyna teh loba deui ibadah anu sejena cara ibadah sosial nulungan kanu miskin, desa-desa anu katinggleun. Rosululloh ngdawuhkeun dina haditsna, anu hartosna:

Pang alus-alusna puasa nyaeta manusia anu mere kamanfaatan ka sasama manusa anu sejena”

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar.

Sidang ied anu mulya,

Hikmah ngalobakeun takbir,tahmid jeung tahlil, maleman jeung poenan lebaran ngarupakeun ngaweuteuhan deui kaimanan jeung kataohidan, iman ngarupakeun modal anu utama pikeun kasampurnaan manusa , sabab ku ayana iman anu kuat manusa baris istiqomah tur tahan uji dina nyanghareupan mang pirang-pirang cobaan hirup boh cobaan kukasenangan nyakitu deui cobaan ku kasusahan. Ieu ujian pasti datang , maka setiap manusa anu ngaku iman sakumaha pidawuh Alloh SWT :

Hartosna : “Naha manusa nyangka yen manehna baris diantep nyebutkeun kami iman, padahal heunteu diuji saenyana kami ges nguji jalma-jalma samemeh maranehannana mangka saenyana Allah uninga ka jalma-jalma anu baleuneur,jeung saenyana Allah uninga kajalma-jalma anu barohong”.

Musibah gempa anu tumiba ka urang ieu the ngarupikeun ujian anu ku urang kudu ditarima ku kaimanan anu kuat, dipapaesan ku rasa sobar sareng tawekal.

Para Saderek kaum muslimin Anu Mulya

Hikmahna reumeun maca takbir, sangkan eling reujenung mikir-mikir ku daek tafakur, magehan iman neuteup damelan pangeran supaya ngalap pituah sakur nu jadi papatah, alam maojud eta teh kabeh bacaeun, bacaeun akal pikiran sangkan beuki tambah kayakinan kana kaagungan pangeran anu buahna junun dina kataqwaan. Dawuhan Alloh fina Al-Qur’an:

Hartosna: “ Saenyana dina kaayaan piligentina peuting jeung beurang,jeung dina Sagala anu di damel ku Alloh di langit jeung di bumi eta nyata ngandung pirang-pirang tanda kakawasaan Alloh / kaagungan Alloh, pikeun kaom anu taqwa” (yunus, ayat 6).

Geura hayu tafakuran waktu geus cunduk ka subuh saha nu nyingraikeun poek tilatar peuting, Fajar ngendat wanci balebat di tuturkeun cahaya hibar ti beh wetan, surya medal lalaunan muncul nyebarkeun cacaang, hiur angin ngahiliwir nyecep tiis mawa seger kana badan. Teu lila dtang carangcang tihang alam tembong remeng-remeng ting parental gunung-gunung, pasawahan, pakebonan, pakayon jeung ingon-ingon, walungan jeung lautan kabeh nungtut narembongan lir anu ngbageakeun ka insan mahluk pangeran, mahluk nu jadi pilihan siga anu arunjukan mangga abdi manfaatkeun. Keur jalma anu kut iman dina kereteg hatena pasti eling ka ilahi. Kedal lisan ngucaapkeun Aloohu Akbar Walillahil Hamdu (Alloh nu maha agung kaagungn Alloh sadaya puji). Tuluy nafakuran diri rumingkang teh moal lila hirup katungkul ku pati maot teu nyaho di mangsa, heg maca laku sorangan, Pantes keneh di sebut mahluk pilihan atwa kari rupana, loba mana nu nyampak di awak antara anu hade jeung nu goreng ?

hisab diri anjeun samemeh di hisab ku batur !

Mun geus kitu kasadaran insya Alloh moal aya waktu nganggur, sieun jol waktu panyaur kudu jadi ahli kubur, ngewat tobat miceun dosa siap taat ka pangeran lapangan ibadah jeung amal sholeh loba keneh, masjid langgar nangtang eusi kunu bakti ka Ilahi pangajian pajukeuneun, anak incu didikeun agama, masyarakat jeung nagara pajukeuneun.

Para Saderek kaum muslimin Anu Mulya

Ieu alam dunya tempat nimba ngumpulkeun pahala, pikeun bekel di alam baka. Hirup kumbuh di ieu nagara loba lawang amal pikeun nyuprih lawang surga, program pamarentah nu utama ningkatkeun sumber daya manusia eusian ku ngandelan iman jeung taqwa, pinuhan ku ilmu pangaweruh jeung katerampilan, sangkan urang teu tinggaleun zaman. Ekonomi di kuatan sangkan bisa mere maweh kanu kakurangan, babarengn “pengentasan kemiskinan”.

Hadirin Anu Mulya

Saba’da rengse khutbah anu ka dua engke, hayu urang silih hampura, mushopahah, sasalaman ku paamprokna panangan dua insan. Buru-buru menta hampura kanu jadi indung bapak. Indung bapak anu miara, ngariksa, ngatik, ngadidik ka nu jadi anakna sok sanajanpinuh ku katalangsara. Meungpeung indung bapak araya keneh, buru-buru geura tepungan penta hampura ka anjeuna, penta karidloanana. Lamun indung bapak tos teu aya dikieuna, tos tilar ti alam dunya, teu pegat-pegat ngadu’a ka Alloh SWT, Anu diantara do’a na kieu:

Hartosna: “Nun gusti, mugi gusti ngahapunten kana dosa abdi sareng dosa ibu rama abdi, sareng pikanyaah ibu rama abdi sapertos mikanyaahna ibu rama abdi ka abdi nuju alit”.

Muga-muga urang sadayana teu weuleh-weuleh dipasihan hidayah taufik sareng inayah Alloh SWT. Amiin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar